Minggu, 15 November 2020

Syair Sebelum dan Sesudah Ngaji Bahasa Sunda


 

Syiir Qobla Sareng Ba'da Ngaos

Assalamualaikum baraya sadayana, mugia dipasihan sehat raga sareng rasa na tur salawasna aya dina rohmat na Allah S.W.T; weungi ayeuna abi bade nyanggakeun syiiran bahasa sunda anu ku baraya tiasa dibaca ngangge langgam anu sae teulangkung baraya nyalira, mugia ngaos urang janteun tambih sumangeut kusabab urang macakeun syiiran ieu, mangga.....

Qobla Ngaos

 

Dupi Nganiatan Ngaos

Seeurna Opat Perkawis…..

Hiji Niat Kerna Allah

Ngalakonan Parentahna…..

Kaduana Niat Miceun

Kabodoan Awak Abdi…..

Supaya Janteun Salamet

Salamet Dunia Akherat…..

Ka Tilu Na Mun Tos Timu

Niat Bade Di Lakonan…..

Di Lakonan Ku Sorangan

Sareng Sadaya Rerencangan…..

Ka Opat Na Niat Ngaos

Ngahirup-hirup Agami…..

Agamina Kangjeung Nabi

Nabi Utusan Ilahi…..

Agamina Kangjeung Nabi

Nabi Utusan Ilahi…..


Ba’da Ngaos

 

Robbin Fa’na Bima ‘Alamtana

Robbi ‘Alimna Alladzi Yanfa’una

Robbi Faqqihna Wa Faqiih Ahlana

Wa Qoro Bati Laana Fiidina

Mugi Gusti Ngamanfa’atkeun

Kana Elmu Di Pasihkeun

Mugi Gusti Ngaweruhkeun

Kana Elmu Pi Manfa’ateun…..

Mugi Gusti Masihan Paham

Ka Abdi Jeung Ka Ahlina

Ka Baraya-Baraya Abdi

Tina Elmu Agamana…..

Tawassalna Bi Ta’alumi

Tawassalna Bi Ta’limi

Angtar Zuqona Wasi’a

Wa Angtar Zuqona Amanaa…..

Abdi Tawassul Ku Pangaosan

Abdi Tawassul Ku Pangurukan

Mugi Gusti Ngarizkian

Kajembaran Ka Amanan…..

‘ Ya Allah Biha

Ya Allah Biha

Ya Allah Bi Husnil Khotimah ‘ 2X


Ngaos eta kawajiban pikeun urang umat muslim, masjid atanapi majlis ta'lim eta tiasa janteun wadah anu kalintang pisan sae na, sakitu seeur na masjid sareng majlis anu aya di nagara urang nyatana Indonesia, sakitu seeur na pamuda dinu urang, ngan anger weh atuh anu ngajina mah kiyai na jeung aki-aki doang, kamarana pamuda ? Hirupkeun deui masjid masjid urang ku syiiran ku sholawatan, rifki pan abi mah teu gaduh sareng teu apal syiiran sunda eta siga kumaha ? tah upami teu apal mangga dihapalkeun syiiran anu parantos ditulis diluhur, sakitu anu kapihatur, Wassalamualaikum.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Goodbye Instagram: A Soul's Journey to Allah That Was Paused

    Aku sepenuhnya sudah meyakini kebenaran bahwa hakikat diriku adalah jiwaku. Jiwaku ini yang tidak sempurna berasal dari Allah. Ini ada...